B. Daerah

Pertanyaan

naon nu ngabedakeun mandu acara jeung biantara ?

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Biantara
    Kelas : VIII (2 SMP)
    Pembahasan :

    Sasaruan mandu acara (MC) jeung biantara (pidato) nyaeta sarua-sarua nyarita di hareupeun jalma rea anu disusun sacara rapih jeung merenah. Sedengkeun bedana anu utama antara mandu acara jeung biantara nyaeta ari mandu acara mah nyarita pikeun ngatur, ngarahkeun jeung mingpin lumangsungna hiji acara, ti mimiti bubuka nepi ka panutup acara.

    Sedengkeun ari biantara mah nyaeta nyarita atawa nepikeun kedalan di hareupeun jalma rea pikeun ngeusi salahsahiji acara anu disusun ku pamandu acara.

    Sanajan mandu acara teh beda jeung biantara, tapi dina nyarita di hareupeun jalma rea, boh mandu acara boh biantara kudu merhatikeun bentesna sora atawa lafal, luhur handapna sora atawa lentong, pilihan kekecapan anu merenah, sarta penjiwaan dina waktu nyarita.

Pertanyaan Lainnya