buatlah wawancara bahasa sunda dengan pedagang bakso
B. Indonesia
AfrizalWahyu1
Pertanyaan
buatlah wawancara bahasa sunda dengan pedagang bakso
1 Jawaban
-
1. Jawaban MikoXiao
Pewawancara : “Assalamualaikum? Punteun sateuacana, mang abdi aya tugas basa sunda ti sakolaan titah nyieun laporan wawancara ka pedagang, tiasa abdi ngawawancara mamang sakedap?”
Narasumber : “oh, tiasa neng, sok mangga.”
Pewawancara : “hatur nuhun mang, langsung wae nya dimulai wawancarana?”
Narasumber : “mangga, manga neng"
Pewawancara : "mang, nami mamang saha?
Narasumber : "sareng mang jojon neng"
Pewawancara : “Naon bae profesi mamang ayena teh?”
Narasumber : “Tukang baso doang neng.”
Pewawancara : “tos sabaraha taun mamang jadi tukang baso?”
Narasumber : “ tos lami, kirang leuwih tos aya 3 taun neng.”
Pewawancara : “Oh. Teras, naha mamang milih jadi tukang baso?”
Narasumber : “Sabab taya kabisa deui neng iwal ti nyieun baso.”
Pewawancara : “sok mulai dagang ti wayah kumaha nepi wayah kumaha mamang dagang teh?”
Narasumber : “Ti mulai jam 10 berang nepi ka jam 6 sore neng, nya kumaha weh se'epna.”
Pewawancara : “sok ka daerah mana wae mang dagangna teh?”
Narasumber : “nya ngider neng, kaliling komplek teras ka sakolaan kadang mah.”
Pewawancara : “Oh, kitu nya mang. Ari mamang atos boga kalawargi? Tos boga saberapa pun anak?”
Narasumber : “Alhamdulilah atos neng, mamang tos boga 3 anak.”
Pewawancara : “Ari penghasilan mamang cukup teu keur minuhan kaperluan kulawarga?”
Narasumber : “Alhamdulillah cukup neng.”
Pewawancara : “mamang pernah teu rugi kitu salila dagang baso?”
Narasumber : “Pernah neng, pas awal jualan, asa sepi pisan.”
Pewawancara : “Oh kitu nya? Naha mamang neruskeun jualan lamun rugi waktos eta?”
Narasumber :“Nyaa.. atuh neng, mamang mah teu gampang putus asa.”
Pewawancara : “Naon anu nyieun baso mamang teh dikenal di masyarakat?”
Narasumber : “Sabab mamang teh sok kaliling komplek, teras aya nu ngomong baso mamang teh rasana khas cenah. Teras hargana ge terjangkau.”
Pewawancara : “Naon nu mamang pigawe sangkan dagangan beh laris?”
Narasumber : “Kabersihan kudu dijaga, cita rasa baso mamang ge kudu ditingkatkeun, urang teh kudu jujur, teras kudu someah kanu meser.”
Pewawancara : “Oh kitu nya mamang. Teras aya teu mang nu jadi pelanggan tetep mamang teh?”
Narasumber : “Alhamdulilah aya neng, lumayan loba.”
Pewawancara : “Oh sae pisan mang. Ari mamang tiap poe nyieun baso teh sok seep kabeh teu?”
Narasumber : “Alhamdulilah neng, seep wae onggal poenna.”
Pewawancara : “Naon mang prinsip mamang supaya semanget teus daganana?"
Narasumber : “Tong pernah putus asa.”
Pewawancara : “Oh, kitu nya. Sakitu wae mang patarosan ti abdi. Hatur nuhun pisan kana waktosna, mugi-mugi dagangana laris, sukses mang.”
Narasumber : “Nuhun, sami-sami neng.”
thx