Tolong jawaban nya ya jalma nu...... Leungeun, sok gampang teuteunggeul ka batur
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Jawaban pikeun pananya di luhur nyaeta "jalma nu hampang leungeun, sok gampang teuteunggeul ka batur". Dina basa Sunda, kekecapan hampang leungeun teh kaasup kana babasan. Babasan mangrupa bagean ti pakeman basa. Nu kaasup kana pakeman basa dina basa Sunda nyaeta babasan, paribasa, cacandran, pamali jeung kila kila. Pakeman basa nyaeta kalimah atawa kekecapan nu miboga susunan nu geus maneuh sarta harti nu geus maneuh oge.
Pembahasan
Harti babasan hampang leungeun nyaeta sok gampang teuteunggeul. Pakeman basa, saperti babasan, biasana mangrupa kekecapan dina ragam basa loma. Dina Tatakrama Basa Sunda, atawa anu baheula mah sok sering disebut Undak usuk Basa Sunda, aya dua ragam basa nyaeta nu disebut ragam basa hormat / lemes jeung ragam basa loma. Dina ragam basa hormat / lemes aya dua rupa basa lemes nyaeta basa lemes pikeun ka batur jeung basa lemes pikeun ka sorangan.
Sanajan pakeman basa teh sok ngagunakeun ragam basa loma, pakeman basa bisa dilarapkeun boh dina kalimah ragam basa loma boh dina ragam basa hormat / lemes sabab pakeman basa mangrupa kalimah atawa kekecapan nu miboga susunan nu geus maneuh, kukituna kecap atawa kekecapanana teu meunang dirobah, saperti teu meunang dilemeskeun, saperti dina conto kalimah di handap ieu:
- Jalma nu hampang leungeun, sok gampang teuteunggeul ka batur (ragam basa loma)
- Jalmi nu hampang leungeun, sok gampil teuteunggeul ka nu sanes (raga basa hormat / lemes)
Pelajari lebih lanjut
- Tatakrama Basa Sunda brainly.co.id/tugas/11761324
- Undak usuk Basa Sunda https://brainly.co.id/tugas/11533355
- Ragam bahasa Sunda brainly.co.id/tugas/320344
__________
Detil Jawaban
Kelas : III
Mapel : Bahasa Sunda - Hormat Ka Kolot Jeung Ngajen Sasama
Bab : 8
Kode : 3.13.8