B. Daerah

Pertanyaan

tuliskeun lima conto kawih nu nyaritakeun ngeunaan cinta ka lemah cai

1 Jawaban

  • Lima conto kawih ngeunaan cinta ka lemah cai nyaeta kawih Tanah Sunda, kawih Lemah Cai, kawih Karatagan Pamuda Indonesia, kawih Angin Priangan, kawih Cinta Nusa. Kawih mangrupa salah sahiji rupa lalaguan Sunda. Ditilik tina rumpakana kawih oge mangrupa karya sastra dina wangun puisi anu henteu kaiket ku aturan.  

    Pembahasan

    Sanajan kawih mangrupa puisi nu teu kaiket ku aturan, dina rumpaka kawih aya sawatara unsur anu bisa digunakeun pikeun nilik jeung nganalisa eusi rumpaka kawih nyaeta unsur tema, nada jeung suasana, rasa, sarta amanat. Unsur nu digunakeun pikeun nganalisa eusi rumpaka kawih ngeunaan cinta ka lemah cai di luhur nyaeta unsur tema.  

    Pikeun mikawanoh tema hiji kawih kudu ditilik bener bener eusi rumpaka eta kawih. Contona, umpama ditilik sacara salewat kawih Es Lilin teh saperti kawih nu miboga tema ngaran kadaharan, tapi lamun ditilik bener bener eta kawih Es Lilin teh mangrupa kawih nu miboga tema cinta atawa asmara.

    Pelajari lebih lanjut

    • Conto kawih https://brainly.co.id/tugas/433806
    • Beda kawih jeung pupuh https://brainly.co.id/tugas/330707
    • Kawih, kakawihan jeung tembang https://brainly.co.id/tugas/6730910

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : IV

    Mapel : Bahasa Sunda - Cinta Lemah Cai

    Bab : 6

    Kode : 4.13.6

    Kata Kunci : Conto kawih ngeunaan cinta ka lemah cai

Pertanyaan Lainnya