pek lemeskeun paguneman ieu di handap iman : geus ti mana atuh? wayah kieu karek balik? irma : geus ti balong gede, ti imah bibi iman : ari eta mana naon dina k
B. Daerah
nenimaryanismayasti
Pertanyaan
pek lemeskeun paguneman ieu di handap
iman : geus ti mana atuh? wayah kieu karek balik?
irma : geus ti balong gede, ti imah bibi
iman : ari eta mana naon dina kardus?
irma : anak kucing ti bibi, lucu teh, kang.
iman : geus ti mana atuh? wayah kieu karek balik?
irma : geus ti balong gede, ti imah bibi
iman : ari eta mana naon dina kardus?
irma : anak kucing ti bibi, lucu teh, kang.
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Paguneman
Kelas : X (1 SMA)
Pembahasan :
Dialog atawa nyarita dua arah teh dina basa Sunda sok disebut paguneman. Paguneman nyaeta dialog atawa nyarita dua arah, silihtempas, antara dua urang atawa leuwih, sarta ngagunakeun kalimah langsung. Ditilik tina suasanana, aya dua rupa peguneman, nyaeta paguneman resmi jeung paguneman teu resmi.
Conto paguneman resmi nyaeta saperti diskusi atawa sawala. Sedengkeun conto paguneman teu resmi nyaeta saperti ngobrol atawa ngawangkong caritaab sapopoe jeung babaturan sorangan atawa jeung kolot sorangan. Di handap ieu nyaeta conto paguneman teu resmi dina kalimah basa Sunda anu lemes :
Iman : Parantos ti mana atuh? wayah kieu nembe mulih?
Irma : Wangsul ti balong gede, ti bumi pun bibi
Iman : Dupi eta nyandak naon dina kardus?
Irma : Anak kucing ti pun bibi, lucu teh, kang
Dina basa Sunda aya dua rupa ragam basa, nyaeta ragam basa hormat atawa lemes jeung ragam basa loma atawa kasar. Ragam basa lemes biasa digunakeun pikeun nyarita jeung anu saluhureun atawa anu dipikahormat. Sedengkeun ragam basa loma biasa digunakeun pikeun nyarita jeung sasama atawa anu sahandapeun anu geus akrab.
Dina ragam basa lemes aya dua rupa basa lemes, nyaeta basa lemes pikeun ka sorangan, sasama atawa sahandapeun, jeung basa lemes pikeun ka batur anu anu saluhureun atawa anu dipikahormat.
Dina paguneman aya sawatara hal anu perlu diperhatikeun sangkan paguneman bisa lumangsung sacara merenah. Hal-hal anu perlu diperhatikeun din paguneman nyaeta anu aya patalina jeung bentesna sora atawa lafal dina waktu nyarita, luhur handapna sora atawa lentong, pilihan kekecapan anu merenah, sarta penjiwaan dina waktu nyarita.